Tag: bahasa sunda

  • Hariring Nu Kungsi Nyanding, Nyanding Hartina?

    “Hariring nu Kungsi Nyanding” Nyanding hartina?

    A. Hareupeun
    B. Tukangeun
    C. Gigireun
    D. Pasisi
    E. Luhureun

    Jawaban:

    C. Gigireun

    Pembahasan:

    Kecap “nyanding” dina basa Sunda asalna tina kecap dasar sanding anu hartina deukeut di sisi atawa gigireun hiji hal. Dina ungkara “Hariring nu Kungsi Nyanding”, kecap nyanding dipaké pikeun némbongkeun posisi anu aya di samping atawa ngadeukeutan hiji pihak.

    Dina basa Sunda sapopoé, kecap nyanding mindeng dipaké pikeun ngajelaskeun hiji barang atawa jalma anu aya di gigireun batur, contona: anjeunna diuk nyanding kuring anu hartina anjeunna diuk di gigireun kuring.

    Ku kituna, tina sababaraha pilihan anu aya, anu pang luyu jeung harti kecap nyanding nyaéta gigireun, sabab langsung ngandung makna di sisi atawa di samping

  • Soal Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 dan Kunci Jawaban

    Soal Bahasa Sunda Kelas 6 Semester 1 dan Kunci Jawaban

    Berikut ini adalah contoh soal Bahasa Sunda kelas 6 SD/MI semester 1 (ganjil) yang dapat digunakan untuk pembelajaran sebelum waktu ujian tiba.

    I. PILIH JAWABAN NU BENER !

    1. Manfaat miara kasaimbangan alam téh diantarana bisa nyingkahan musibat … dina mangsa usum hujan
    A. Caah
    B. Halodo
    C. Kalaparan
    D. Gunung bitu

    2. Kampung adat nu pernahna aya di wewengkon Tasikmalaya téh nyaéta….
    A. Kampung Dukuh
    B. Kampung Gajah
    C. Kampung Naga
    D. Kampung Sindang Barang

    3. Tempat pikeun ngajaga kalestarian sasatoan langka disebutna….
    A. Cagar Alam
    B. Suaka Marga Satwa
    C. Taman Nasional
    D. Kebon Binatang

    4. Leuweung nu dipahing dikukumaha disebutna ….
    A. Leuweung Larangan
    B. Leuweung Tutupan
    C. Leuweung Baladaheun
    D. Leuweung Nasional

    5. Ulah sok dibiasakeun ngagunasika sasatoan. Kecap ngagunasika dina kalimah tadi sarua jeung kecap ….
    A. Ngajaga
    B. Ngaruksak
    C. Ngaganggu
    D. Ngamumulé

    6. Sélér Sunda padumuk asli nu aya di Propinsi ….
    A. Banten
    B. Jawa Barat
    C. Jawa Tengah
    D. Jawa Timur

    7. Jumlah pupuh aya ….
    A. 17
    B. 18
    C. 19
    D. 20

    8. Deudeuh teuing dulur-dulur
    Itu mani tingjarerit
    Barudak di Palestina
    Dirurug tur dibombardir
    Ku senjata nu rohaka
    Matak kingkin nu ningali
    Guru lagu jeung guru wilangan pupuh nu tadi nyaéta ….
    A. 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i
    B. 9-u, 9-I, 9-a, 9-i, 9-a, 9-i
    C. 8-r, 8-t, 8-a, 8-r, 8-a, 8-i
    D. 8-u, 7-a, 8-a, 7-a, 8-a, 8-i

    9. Basa rék miang ka sakola, Ujang mundut heula . . . ka indungna sangkan salamet.
    A. Duit
    B. Bekel
    C. Do’a
    D. Sangu

    10. Salah sahiji conto kalimat pasif dihandap ieu nyaéta ….
    A. Arif keur nulis surat di kamerna
    B. Ahmad mawa dagangan ka sakola
    C. Sumarni nuju ngupingkeun papatah ti indungna
    D. Buku nu Si Ucu dipangmawakeun ku Si Roni

    11. Badak Cula Hiji ayana di Suaka Marga Satwa anu aya di wewengkon . . . .
    A. Ujung Kulon
    B. Pangandaran
    C. Way Kambas
    D. Ragunan

    12. Cara ngala lauk nu teu matak ngaruksak alam ,nyaéta . . . .
    A. Diportas
    B. Diracun
    C. Make bom ikan
    D. dikecrik

    13. Salah sahiji sato nu dipiara di Cagar alam Pananjung Pangandaran, nyaéta . . . .
    A. Gajah
    B. Lutung
    C. Anoa
    D. Cenderawasih

    14. Pupuh Kinanti kaasup kana pupuh . .
    A. Sekar Alit
    B. Sekar Ageung
    C. Sekar Tengah
    D. Sekar Tandak

    15. Hirup sauyunan sabilulungan lir ibarat . . . .
    A. Minyak jeung cai
    B. Anjing jeung Ucing
    C. Gula jeung keueutna
    D. Kulon jeung wétan

    II. LENGKEPAN TITIK-TITIK DI HANDAP IEU KU KECAP NU MERENAH !

    16. Lamun leuweung kapiara, urang moal kakurangan . . . mangsa usum halodo
    17. Ulah sok . . . kana tutuwuhan téh. Da tutuwuhan gé sarua makhluk hirup.
    18. Numpak motor kudu maké . . . boh nu mawana pon kitu deui nu diboncéngna
    19. Suaka Marga Satwa Gunung Sawal ayana di wewengkon ….
    20. Sato nu dijaga tina kapunahan nu aya di Taman Nasional Ujung Kulon nyaéta ….
    21. “ di Cihideung seueur kembang “. Potongan pupuh tadi guru lagu jeung guru wilanganna nyaéta . . . .
    22. Anu dimaksud Bhinneka tunggal Ika nyaéta . . . .
    23. Watek Pupuh Dangdanggula nyaéta . . . .
    24. Najan jeung babaturan nu béda sélér, urang tetep kudu silih . . . .
    25. Lagu “ Bubuy Bulan “ mangrupa lagu ti sélér . . . .

    III. PIGAWÉ SOAL DI HANDAP LUYU JEUNG PARÉNTAHNA !

    26. Tuliskeun tilu akibat upama urang teu miara alam !
    27. “ Cagar alam Pananjung ayana di Wewengkon Pangandaran”. Jieun kalimah pananya nu cocok jeung jawaban tadi !
    28. Tuliskeun tilu mangfaat tatangkalan di leuweung téh ?
    29. Tuliskeun lima jenis pupuh !
    30. Kamari Aki Udi mawa awi ka imahna.
    Robah kalimah éta jadi kalimah pasif !

    Kunci Jawaban Basa Sunda Kelas VI

    BAGIAN I

    1. A
    2. C
    3. B
    4. A
    5. C
    6. B
    7. A
    8. A
    9. C
    10. C
    11. A
    12. D
    13. B
    14. B
    15. C

    BAGIAN II

    16. cai
    17. Ngagunasika
    18. Helm
    19. Ciamis
    20. Badak Cula Hiji
    21. 8a
    22. beda-beda tapi tetep ngahiji
    23. kabungahan atawa kaagungan
    24. pikanyaah, silih ajenan
    25. sunda

    BAGIAN III

    26. matak kakurangan cai waktu halodo, kakeunaan banjir, kakeunaan longsor, sasatoan
    bakal cepet punah, hawa jadi panas, jsb
    27. Dimana pernahna Cagar Alam Pananjung teh ?
    28. Ngahasilkeun oksigen, ngahsilkeun bahan jang bangunan, bisa nyimpen cai hujan,
    tempat hirupna sasatoan, bisa nyimpen cadangan cai keur halodo jsb
    29. Asmarandana, balakbak, kinanti, maskumambang, Durma, Gambuh, Pucung, jsb
    30. Kamari Awi dibawa ku Aki Udi ka imahna

  • 20 Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 1 SD Semester 1 dan Kunci Jawaban

    Berikut ini adalah contoh soal Bahasa Sunda kelas 1 SD/MI semester 1 (ganjil) yang dapat digunakan untuk pembelajaran sebelum waktu ujian tiba.

    A. Berilah tanda silang (x) didepan huruf a,b,c didepan jawaban yang benar !

    1. Bakat ku tunduh sigana mah, Agus … sare.
    A. Gek
    B. Jol
    C. Dug

    Jawaban: C

    2. Ibu nyayur bayem nganggo…
    A. Bawang beureum
    B. Koneng
    C. Asem

    Jawaban: A

    3. huntu kudu di…
    A. Kosok
    B. Ruru
    C. Pencet

    Jawaban: A

    4. Aa teh budak nu …
    A. kedul
    B. bangor
    C. apik

    Jawaban: C

    5. Teh Sinta melak kembang dina…
    A. dreum
    B. pot
    C. baskom

    Jawaban: B

    6. Kecap mata ngandung … vokal
    A. hiji
    B. dua
    C. tilu

    Jawaban: B

    7. Mata mah gunana pikeun…
    A. ningali
    B. molototan
    C. peureum

    Jawaban: A

    8. Hurup konsonan dina kecap sakola nyaéta …
    A. s – a – l
    B. a – o – a
    C. s – k – l

    Jawaban: C

    9. Sangkan teu kutuan buuk téh kudu rajin
    A. dicaian
    B. disemir
    C. diangir

    Jawaban: C

    10. Soca abi aya dua. Soca lemesna tina kecap…
    A. panon
    B. irung
    C. baham

    Jawaban: A

    11. Salian rékét, badminton sok ngagunakeun…
    A. bal
    B. kok
    C. karanjang

    Jawaban: B

    12. … abdi dudi
    A. kelas
    B. wasta
    C. lembur

    Jawaban: B

    13. ulah sok dahar anu …
    A. amis
    B. lada
    C. pait

    Jawaban: B

    14. saban poé pék urus sakujur …
    A. badan
    B. leungeun
    C. huntu

    Jawaban: A

    15. Urang kudu sakola sangkan…
    A. Pinter
    B. Bodo
    C. Sare

    Jawaban: A

    16. … Irwan angkat ka Bandung?
    A. Dimana
    B. Saha
    C. Iraha

    Jawaban: C

    17. … Ratih nyimpen sendok?
    A. Saha
    B. Naon
    C. Dimana

    Jawaban: C

    18. … nu cicing di bumi pak RW?
    A. Iraha
    B. Dimana
    C. Saha

    Jawaban: C

    19. masak mah biasana di …
    A. tepas
    B. dapur
    C. kamar

    Jawaban: B

    20. … nu rek miluan kemping?

    A. Saha
    B. Iraha
    C. Naon

    Jawaban: A

    Lengkepan Titik-titik Di Handap Ieu Ku Kecap Nu Merenah !

    1 Hurup konsonan dina kecap baham aya …
    2. Lemesna kecap mata nyaéta ….
    3. Upama rék diajar urang kudu … heula
    4. Anggota badan nu sok dipaké pikeun ngambuan bau nyaéta …
    5. Dudi rajin ngosok huntu maké …
    6. Tuliskeun hurup vocal anu aya dina kecap Sampéan !
    7. Gunana cepil pikeun naon ?
    8. Tuliskeun tilu conto kadaharan tradisional sunda !
    9. Ngarah beresih upama mandi kudu kumaha waé ?
    10. Naha mandi kudu maké sabun…

  • Contoh Pidato Bahasa Sunda Pendek

    Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat

    Assalamualaikum Wr. Wb
    Wilujeng Enjing Sadayana.

    Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

    Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.

    Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

    Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

    Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

    Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat.

    Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

    Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor.

    Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang.

    Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.Hadirin sadaya.

    Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

    Hatur nuhun kana perhatosanana.
    Wassalamualaikum wr.wb

    Contoh Pidato Bahasa Sunda Pendek

    Assalamualaikum warakhmatullahi wabarakaatuh !
    Salam Sejahtera

    Mula-mula kuring hayang ngedalkeun hatur nuhun ka ibu guru sarta kabeh rencang kuring anu geus masihan kasempetan kuring pikeun pidato dina beurang ieu, ngeunaan miara lingkungan.

    Hadirin anu dipihormat, urang nyaho yen global warming nyata masalah anu serius pikeun nagara-nagara anu aya di dunya.

    Global warming teh lumangsung sabab kagiatan manusa anu bisa ngarusak bumi tempat urang hirup.

    Global warming nyata proses kanakan suhu rata-rata atmoser, sagara, sarta bumi.

    Global warming ieu ngabogaan akibat anu picilakaeun pikeun kahirupan makhluk hirup, saperti: suhu hawa ngaronjat di luhur rata-rata, mindengna lumangsung cuaca anu henteu menentu saperti ayeuna ieu, parobahan iklim, jst.

    Global warming ta akibat ti efek imah kaca, kebakaran leuweung, jst.

    Pamarntah geus ngalaksanakeun usaha pikeun nyegah global warming, sapertos: ngalakukeun reboisasi, ngahulag pangwangunan gedong anu mak kaca kaleuleuwihan, penanaman sarbu tangkal, nyieun taman kota, jst.

    Henteu ngan di Indonsia tapi nagara-nagara di dunya geus ngalakukeun usaha panyegahan global warming.

    Pancen urang minangka pelajar kudu miara lingkungan ambh global warming henteu ngancem mahluk hirup anu aya di bumi ieu.

    Urang bisa ngalakonan tindakan leutik tapi boga pangaruh ged, saperti: urang miceun runtah dina tempatna, melak tangkal di pakarangan kelas, nyokot runtah anu ambacak, jst.

    Hadirin anu dipihormat, ku sabab ta miara lingkungan kacida penting sakali ambeh anakincu jaga urang engke bisa ngarasakeun endahna hirup di dunya ieu sarta bumi urang tetep lestari. Amin!

    Hayu urang mimitian miara lingkungan ayeuna saperti melak tangkal pikeun hiji urang!

    Wassalamualaikum Warakhmatullahi wabarakaatuh

    Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat

    Assalamualaikum Wr. Wb
    Wilujeng Enjing Sadayana.

    Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan, siswa kelas IV nu dipikacinta.

    Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara.

    Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

    Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana.

    Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

    Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat.

    Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

    Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor.

    Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang.

    Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

    Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.Hatur nuhun kana perhatosanana. Wassalamualaikum wr.wb

    Contoh Pidato Bahasa Sunda

    Assalamualikum Wr. Wb.

    Puji sareng syukur hayu sasarengan urang sadaya haturkeun ka Gusti Allah SWT kumargi dina ieu waktos urang sadaya di pasihan kasehatan lahir sareng bathin.

    Teu hilap solawat sareng salam hayu urang sadaya haturkeun ka junjugan Nabi Muhammad SAW, kangge rerencanganna, kaluargana sareng ka urang sadayana, amin.

    Saterasna, simkuring ngahaturkeun hatur nuhun kanggo Ibu Elis kumargi tos masihan waktos kangge abi ngabiantarakeun di payuneun rerencangan sadaya.

    Ibu-ibu, bapak-bapak, teteh-teteh, aa-aa sadayana judul ieu biantara teh nyaeta Ngajaga Kaberesihan Sakola Pikeun Kanyamanan Diajar

    Sapertos nu ku urang sadaya tingal ayeuna, kaberesihan sakola urang sadaya teh kacida kurangna, sok sanajan sakola urang sadaya ieu teh nuju di bangun, urang sadaya tetep kudu ngajaga kaberesihan, minimal kaberesihan kelas masing-masing.

    Sapertos dina HR. At-Tabrani sareng Hakim annnadaafatu minal iman nu artina Kaberesihan nyaeta bagian tina iman.

    Berarti lamun urang sadaya ngajaga kaberesihan berarti urang sadaya kaasup jalmi nu beriman nu aya di jalan Allah SWT.

    Sareng aya deui H.R At-Tirmizii nu isina urang teh kudu ngajaga jeung ngaberesihan buruan imah urang, tah ari kitu mah naon hubunganna jeung sakola?

    Nya aya atuh, urang teh diajar disakola teh geus jiga urang keur calik di bumi urang sorangan, sanajan euwuh Bapa, Indung kan aya Bapa jeung Ibu guru nu geus dianggap ku urang sadaya jiga kolot urang.

    Salian ti eta, manfaat urang sadaya ngajaga kaberesihan sakola nyaeta pikeun kanyamanan urang diajar.

    Sok ayeuna bayangkeun lamun urang sadaya diajar dina tempat nu bararau sampah jeung rea kebul, pasti urang na ge teu betah, guru-guru oge sami siga kitu lamun kelas urang sadaya kelasnya karotor pasti teu betaheun tuluy menta kelasna diberesihan heula lamun rek diajar, kan aya.

    Tuluy manfaatna nu ka dua nyeta urang sadaya moal bakal kakeunaan panyakit, sapertos Malaria, DBD jeung sajabana.

    Kabeh panyakit teh sarangna tinu sampah jeung sajabana.

    Pikeun ngajaga kaberesihan sakola, dina hate urang sadaya kudu di terapkeun sikap atawa inisiatif pikeung ngajaga kaberesihan.

    Sakola kuduna mah ngayakeun kagiatan beberesih sakola babarengan sapertos JUMSIH (Jumat Bersih).

    Urang salaku warga SMP N 1 Garut kudu ngilu aktip dina sagala kagiatan sakola, aktip dina sagala kahadean sakola, aktip miara sakola.

    Dina diri urang tong aya pipikiran kieu ken bae ah da beberesih mah gawe na Mang Mim jeung Mang Kasmo, ulah kitu.

    Sanajan Mang Mim jeung Mang Kasmo ngaberesihan sakola urang ge kudu ngilu beberesih, karunya Mang Mim jeung Mang Kasmo ari urang sadaya teu ngajaga kaberesihan, hargaan saeutik atuh sagala parjuangan Mang Kasmo jeung Mang Mim, minimal henteu miceun sampah sangeunahna.

    Kasimpulana, urang sadaya kudu sami-sami ngajaga kaberesihan sakola pikeun kanyamanan diajar, balik deui ka kanyamanan diajar, kanyamanan diajar manfaatna nyaeta pikeun ngahadekeun nyerep sagala palajaran, pikeun nu diajar jeung nu ngajar baretah cicing di sakola.

    Minimal urang ngajaga kaberesihan sakola nyaeta tong miceun sampah sangeunahna.

    Sabab mun urang miceun sampah sangeunahna, teu dina tempatna bakal rea pibakaleun panyakit. Tuluy ngajaga kaberesihan kelas masing-masing.

    Mun nu hade mah sakola ngadakeun JUMSIH urang sadaya kudu ngiluan tina eta kagiatan.

    Sakieu wae biantara nu ku simkuring tiasa haturkeun, mugi-mugi aya mangpaatna kango sadaya, hapunteun bilih aya kalepatan dina ngahaturkeun ieu biantara.

    Hatur nuhun tina sagala perhatosannana.

    Wasalamualikum Wr. Wb.